Senin, Oktober 12, 2009

drama sunda

BABAK I

Ahirna poe anu diantos-antos datang oge. Sanggeus perjuangan anu gede nyanghareupan UN, hasilna teu sia-sia. Mayang, salah sahiji murid anu berjuang bebeakan jang asup ka sakola anu dipikahayangna. Ahirna bisa nincakeun sukuna di SMA Pelita Harapan. Pas pertama asup sakola…….
Mayang : “Put..!Put..!Putri…!” (bari ngagupayan)
Putri : (nyampeurkeun) “Mayang? Katampi oge di dieu??”
Mayang : “Muhun! Alhamdulillahnya urang sasakola deui! Ari Putri kelas sabaraha??”
Putri : “Putri mah kelas X-5. Ari Mayang kelas X naon??”
Mayang : “X-5. sami atuh nya? Asik urang sakelas deui!!”
Puri : “Eh enya, ari Diah jeung Ogi diteraskeun ka SMA mana??”
Mayang : ”Duka tah,kirang terang! Sugan teh Putri terang..!
Putri : “Enya henteu matak naros oge.”
Mayang : “Urang taroskeun we yu?”
Putri : “Hayu, tapi ka saha narosna??”
Mayang : “Nya ka Diah jeung ka Ogi na atuh Neng..!!”
Putri : “Oh,,,heueuh-heueuh!! Tapi kumaha carana??”
Mayang : “Eh….sugan teh asup kadieu teh pinter.
Nya ka bumi na atuh!!”
Putri : “Ka bumi saha??”
Mayang : “Ka bumi na Diah lah..!!
Putri : “Hayu-hayu!! Iraha??”
Mayang : “ke we atuh balik sakola urang ka bumi na Diah heula!! Kumaha??”
Putri : “Ok…!!”
Bel tanda balik di sada. Barudak murudul ti jero kelas.

BABAK II
Di imah Diah… putri jeung Mayang ngetok panto imahna Diah bari ngucapkeun salam.
Mayang+Putri : “Assalamu ‘alaikum!!!”
Diah : “Wa’alaikum salam!! Eh,,, Mayang! Putri!! Kumaha damang??”
Putri : “Alhamdulillah pangestu! Diah kumaha? Damang?”
Diah : “Alhamdulillah. Mangga atuh linggih heula! Bade eueut naon?”
Mayang : “ah…teu kedah repot-repot!”
Putri : “Diah,, ari Diah teh di teraskeun ka SMA mana??”
Diah : “diteraskeun ka SMA Taruna Bakti! Ari Mayang jeung Putri di teraskeun ka mana?”
Mayang : “Urang duaan mah di teraskeun ka SMA Pelita Harapan!”
Putri : “Kumaha?? Rame teu di SMA Taruna Bakti? Aya nu kasep teu?”
Diah : “Uh…iceus ka nu kasep mah! Rame atuh..Rame pisan!! Komo lamun urang babarengan deui mah! Hanjakal we nya teu sa-SMA,,!!”
Putri : “Eh,,enya ari si Ogi di teraskeun kamana?”
Diah : “Lho?? Lainan jeung…….”(bari nunjuk ka Mayang jeung Putri)
Mayang : “Ih… puguh henteu matak naroskeun oge..!!”
Diah : “Ih…kamari teh Diah papendak sareng Ogi! Teras ku Diah di taros,’ari Ogi di teraskeun kamana??’ teras si Ogi na ngajawab di SMA Pelita Harapan.”
Mayang : “Da teu aya nu namina Ogi Shaputra atuh di kelas X na oge!! Jeung lamun Ogi lebet ka SMA Pelita Harapan oge pasti papendak jeung urang. Nya??” (bari nepak ping-ping na Putri)
Diah : “Berarti si Ogi ngabohong atuh ka Diah..!!”
Putri : “Nahanya bet ngabohong sagala??”
Mayang : ”Heueuh oge!! Diah,,ari Diah papendak jeung si Ogi dimana??”
Diah : “Di lampu setopan!! Basa Diah keur meuntas bade ka toko buku!!”
Mayang : “Kumaha lamun enjing urang ka took buku,, bisi we aya si Ogi deui di lampu setopan!!”
Diah : “Hayu,,tapi enjing mah Diah uihna tabuh 3an. Kumaha atuh??”
Mayang : “Ke we ku Mayang jeung Putri disampeur.”
Putri : “Yang,,uih yu..!! tos sonten, bilih diseuseulan ku Ibu!”
Mayang : “Hayu atuh..!! Diah Mayang jeung Putri uih heula nya?? Ke enjing disampeur! Bapa mana??
Diah : “Teu acan dongkap,,wios we da teu aya sasaha di bumi na ge!”
Mayang : “nya entos atuh nya?? Urang uih heula! Assalamu ‘alaikum!
Diah : “Wa’alaikum salam!!”

BABAK III
Isukna pas balik sakola Mayang jeung Putri geus siap rek nyampeur Diah.
Ngajak Diah ka toko buku.
Mayang+Putri : “Assalamu ‘alaikum!!”
Diah : “Wa’alaikum salam!!”
Putri : “Tos siap??”
Diah : “Atos..! yu,,angkat??”
Mayang : “Moal pamitan heula??”
Diah : “Pamitan kasaha?? Da teu aya sasaha,teu acan dongkap Bapana ge!!”

BABAK IV
Pas geus nepi di hareupeun toko buku (lampu setopan). Barudal 3 eta ninggali
babaturana keur ngamen, nyaeta Ogi.
Mayang : “Put! Diah! Itu si Ogi lain??”
Putri : “Oh…heueuh-heueuh ! urang sampeurkeun we yu!! Gi! Gi! Ogi!!”
Ogi : (bari reuwas) “ eh..Diah, Mayang, Putri ! bade kamana??”
Mayang : “Bade ka toko buku! Ari Ogi nuju naon di dieu??”
Ogi : “Nuju…kieu we….milari acis!!”
Putri : “Ari Ogi ayeuna di teraskeun kamana??”
Ogi : “Henteu Put,, henteu di teraskeun kamana-mana!”
Diah : “Berarti Ogi ngabohong atuh ka Diah?? Kamari ku Diah di taros, Ogi nyebatkeun di teraskeun ka SMA Pelita Harpan. Kunaon ka Diah ngabohong??”
Ogi : “Diah,,punten! Da Ogi mah teu niat ngabohong..tapi Ogi teh sabenerna mah isin! Ogi mah teu sakola!”
Diah : “Aduh Ogi,,punten!! Teras ari Ogi kunaon teu sakola??”
Ogi : “Sabenerna mah Ogi teh hoyong…….pisan sakola teh! Tapi ku sabab teu aya biayana, janten kieu we! Boro-boro kanggo sakola.. kanggo emam ge hese!! Jaba saprak Bapa ngantunkeun Ema,,Ema janten gering-geringan wae!”
Mayang : “Aduh Ogi… sabar we nya!!tos sonten yeuh..! urang uih heula atuh nya??”
Ogi : “Oh.. enya atuh ati-ati we nya di jalan!!”
Diah : “Sabar nya Gi..!! dadahh….!!”

Di jalan balik…..
Diah : “Yang, Put! Lamun Diah ukeun Bapa kanggo ngabantuan Ogi kumaha nya?? Kira-kira tiasa teu??”
Putri : “Tiasaeun geura!! Cobian we!!”
Mayang : “Tapi Yah,, lamun misalna bade ukeun bantosan Bapa,,nyariosna sing leresnya!!”
Diah : “Beres…..!”

BABAK V
Diah, Mayang, jeung Putri balik ka imahna masing-masing. Di imah Diah,
Bapana keur maca di ruang TV, jeung Diah keur mikirkeun kumaha carana ngolo
Bapana.
Diah : “Pa,, Diah bade nyarios..!!”
Bapa Diah : “Nya sok,, Diah bade nyarios naon?”
Diah : “Pan kieu.. Diah gaduh rerencangan, namina Ogi, tapi Ogi teu sakola!
Bapa Diah : “Ooh….tos kaluar sakolana? Damel? Di damel dimana kitu??”
Diah : “Henteu,, Ogi sapantaran Diah Pa.. Tapi damelna ngamen!
Bapa Diah : “Naha teu disakolakeun ku Ibu Ramana??”
Diah : “Ogi anak yatim Pa,,, Tapi Ogi na mah hoyong sakola..!! teu sakola the teu aya biayana Pa..!! Teras Ibuna sakit-sakitan wae Pa..!”
Bapa Diah : “Nya karunya atuh..teu sakola!!”
Diah : “Pa..Diah nyarioskeun ieu teh bade nyungkeun Bapa kanggo ngabantosan rerencangan Diah. Bapa kersa teu??”
Bapa Diah : “aduh… Diah..Diah…!! nyarios ti tatadi tujuana eta nyah??”
Diah : “Enya.. Bapa kersa teu??”
Bapa Diah : “Enya,, sok we ku Diah carioskeun heula hoyongna Ogi kumaha., bade sakolana dimana?? Sasakola jeung Diah atanapi bade benten deui?? Teras ke Ibuna ke ku Bapa di Uruskeun.”
Diah : “Leres Pa?? aduh Bapa.. Nuhun……. Pisan!! Pa,,,,mendingan Ibu na Ogi jeung Ogina cicing di dieu we,,!!pan di dieu oge teu aya nu ngabantosan Pa…!!”
Bapa Diah : “Enya,,,kumaha Diah we hoyong Diah kumaha.”
Diah : “Nya entos atuh Pa,, Diah bobo heula!!”



BABAK VI
Isukna Diah nyampeur Mayang jeung Putri, rek ngajakan kan tempatna Ogi.
Putri : “Yah,,tuh si Ogi!!”
Diah : “Ogi!!”
Ogi : (nyampeurkeun) eh… aya naon ieu teh??”
Diah : “Gi,, Ogi masih hoyong sakola Lin?? Lamun hoyona Ogi hoyongna sakola dimana?? Ke masalah biaya mah ku Bapa Diah di uruskeunnana!”
Ogi : “Maksudna??”
Diah : “Maksudna Bapa Diah bade ngabantuan Ogi jeung kulawarga Ogi..! Ke Ogi jeung Ibu Ogi oge tinggal di bumi Diah… ameh kapantau ku Bapa Diah,,! Ogi hoyong nya??”
Ogi : “ leres?? Ogi hoyong pisan!!”
Diah : “Nya entos ayeuna Ogi wawartos ka Ibu Ogi,,teras ayeuna oge Ogi jeung Ibu Ogi tiasa pindah ka bumi Diah!”
Ogi : “Hayu atuh ka bumi Ogi heula!!”

BABAK VII
Isukna Ogi geus bias sakola deui. Jeung ayeuna mah Ogi jeung Ema na cicing di
bumi na Diah. Ogi asup ka sakolana Diah,,
Ogi : “Diah.. nuhun nya kanggo sadayana!!”
Diah : “Sawangsulna…!!”
Mayang jeung putrid dating ka imahna Diah pas balik sakola.
Mayang : “Gi..selametnya. ahirna Ogi tiasa sakola deui!”
Putri : “selamet nya Gi..!!”



TAMAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar